
SMPN 7 BANJARSARI MELAKSANAKAN DO’A BERSAMA
DISDIK CIAMIS – Do’a Bersama dan Pembekalan untuk Siswa Kelas 9 SMPN 7 Banjarsari dilaksanakan pada Jum’at (18/3/2022) jelang pelaksanaan Ujian Sekolah Tahun Pelajaran 2021/2022, meliputi Ujian Sekolah Praktik 21-24 Maret 2022, dan Ujian Sekolah Tulis 4-11 April 2022. Kegiatan diawali sholat sunat Dhuha dan membaca Q.S. Yasin.
Pembekalan untuk siswa disampaikan oleh Ajengan Ejen (Ketua MUI Desa Langkapsari sekaligus Koordinator Madrasah Diniyah Takmiliyah Wustho SMPN 7 Banjarsari):
Anjeun kudu takwa ka Alloh kalayan takwa anu sautuhna. Takwa teh midamel sagala anu diparentahkeun ku Alloh, sareng nebihan sagala anu dilarang ku Alloh. Para sahabat nyarios moal kiat kami mah takwa anu saenyana. Tapi urang definisikeun takwa ku maksakeun. Tina maksakeun Insyaalloh janten kabiasaan. Maksakeun ibadah, maksakeun solat, maksakeun puasa. Kana ibadah mah sarerea oge sok hoream, tapi ku maksakeun urang niatan nyumponan menuju kana takwa.
Syurga ditawiskeun (diajangkeun) kanggo opat golongan jalmi, nyaeta jalmi anu ngagaduhan sipat:
- Qolbun khosi’an. Hate anu khusu (berfikir positif sesuai sareng anu dikerjakeun). Tong malaweung. Anjeun keur diajar di sakola, awakna di sakola barengan oge hate jeung pikiran di sakola nuju diajar, regepkeun naon anu diwurukkeun ku guru-guru aranjeun. Ulah makan minum anu matak mabok matak ngaruksak kana pikiran.
- Lisanun dzakirun. Lisan anu selalu mengingat Alloh. Seueur dzikir, seueur maca Al-Qur’an. Biasakeun maca Al-Qur’an. Pangsaena dzikir ku maca Al-Qur’an. Nu sanesna sae baca tahmid, tasbih, tahlil, istigfar. Baca sholawat.
- Anu wajahna marahmay, berseri-seri, seueur senyum. Bear budi. Ka guru sing sopan, sing sae, sing balageur. Ucapkeun salam upami patepang. Ulah nyebat mantan ka guru mah. Bingahkeun hate guru.
- Anu pananganna gampil barangbere. Mudah memberi. Osok infak sodaqoh. Ulah hese barangbere (koret). Jalma anu koret, dijauhan ku jalma, jauh tina pertulungan Alloh, jauh kana syurga, deket kana naraka.
Baca Juga : PENYUSUNAN KISI-KISI DAN SOAL UJIAN SEKOLAH TAHUN 2021/2022
Kegiatan dilanjutkan dengan Do’a bersama yang dipimpin Ust. Ropik dan diakhiri dengan musofahah.
Berita disajikan dalam Bahasa Sunda untuk ngamumule basa Sunda sebagai wujud Kearifan Lokal.
Laporan Kegiatan oleh Linlin Herlina, S.Pd., M.Pd. Guru SMPN 7 Banjarsari.








